Jumat, 04 Agustus 2017

Puisi Bahasa Sunda POTONG RANCATAN Oleh Amang Sapaat

Potong Rancatan jeung Ragragna Aisan
Ku: Amang Sapaat
Dirasakeun ku kuring kieu geuning geus potong rancatan mah aisan oge kalah ngilu morosot tina taktak teh, ngumar nafsu ngagugu amarah malah mawa kaperih batin ngajangjawing dina hulu hate mentegeug eungap keur ngarenghap.Rancatan anu nyunang keur naktak munak kuring geus potong, aisan anu di pikadeudeuh geus ragrag, jangjawing na hate geus rangsak ku nafsu amarah anu ku kuring geus di pilampah,  salah lengkah geus ngagejebrus keun kanu jurang ka sangsaraan nandangan hirup anu keur dilakonan,  roroesan leungeun,  gupayna rema geus euweuh nu malire, Anu malire ngansaukur ngaliwat bari sok ngasongkeun tamang tapi acan cukup keur hanyat kuring,  ku asa talangke, hese beleke nyieun taraje keur hanyat teh, sugan jeung sugan geus beres nyieun taraje mah kuring bisa hanyat jeung mawa deui aisan nu geus ragrag. Sanajan keur aya di hanap jungkrang dibarengan engapna renghap, geujedna lengkah sugan jeung sugan taraje anu ku kuring dijieun gancang beres,  ku hayang deui ngais aisan anu geus ragrag. Aisan anu lamokot ku leutak ka baseuhan cai panyaweran anu geus ragrag sugan jeung sugan bisa ka bawa deui dibarengan ku beresna taraje anu keur  dibeberes ku kuring. Hawa nafsu nu pernah diumar sugan jeung sugan leungit ku aisan anu bisa diais deui. Aisan anu geus lamokot leutak, jibreg ku cai panyaweran sugan jeung sugan bisa mawa deui kabagjaan hate, pangganti rancatan nu geus potong anu moal bisa diharepkeun deui iwal do'a anu bakal mawa ka hadean ka rancatan anu geus potong.
(Amang Sapaat)

Harti Siloka Manuk Garuda
Ku: Amang Sapaat
Sok rus-ras mangsa katukang ari ningali ngepakna jangjang manuk garuda nu di kongkorangan rante jeung siloka anu aya di dadana. Eta manuk garuda teh menang meli abah kuring ti nu dagang emper pasar pedah kuring hayang, teuing kumaha rarasan mangsa harita naha ieu hate ngajorojoy kabita ku manuk garuda pedah ningali ku hade rupa jeung warnana anu koneng herang. Baheula mah arang langka anu ngadagangkeun manuk garuda teh pedah jaman harita keur mahabu rasa teu aman. Abah kuring ngagalindeng asa cikeneh wawanti ka diri kuring, pokna teh "Jang tah abah nitip ieu manuk kudu di jaga sing hade,  tempelkeun dina dada hideup ulah nepi ka ragrag tina dada", kuring ngaheneng saenengeneng ku teu ngarti anu di kedalkeun ku abah kuring,  apan manuk teh sakieu gedena moal enya dikongkorongkeun jeung era deuih lamun ieu manuk garuda di kongkorongkeun, kumaha ceuk babaturan kuring malah bakal nyangka ka kuring anu owah, Kasungsina mah geuning ucapan abah kuring teh basa kuring geus sakola horeng mana horeng harti jeung siloka anu aya dina manuk garuda teh sakitu munelna ku harti jeung pangarti dina kahirupan sapopoe pikeun tingkah laku urang jadi warga nagara. Mudah-mudahan atuh urang sakabeh warga Indonesia pada bisa ngamumule, miara jeung ngamalkeun nana dina kahirupan sapopoe, sangkan eta manuk garuda tetep renggenek ngancik dina dada-dada rahayat Indonesia,  ulah nepi ka luntur ka ibunan laas ka hujanan.
(Amang Sapaat)

Hui Cilembu mawa kabagjaan
Ku: Amang Sapaat
Hui cilembu anu ku kuring di dahar kacida ngenahna,  dibarengan eujeung nginum cai kopi meni nikmat jeung kareueut, karasa kana genggeurong ngageuleserna eta hui jeung cai kopi, Yot ngenyot udud sanajan udud nu teu kaasup mahal oge malah leuwih nikmat, sanajan imah reyod rarasaan asa di istana karajaan, hawa tiris ngadak dumadak jadi haneut pangaruh tina eta kadaharan anu ku kuring keur di dahar,  riung lingkung bongkok ngaroyok babarengan jeung anak pamajikan nikmat karasana, ningali budak anu sakitu ngalemodna kana eta hui leuwih - leuwih
nikmat deui anu ku kurung dirasakeun, kitu deui pamajikan anu bear marahmay rasana ieu dunya asa milik kuring,  gening kabagjaan hirup teh teu bisa di ukur ku buhbrehna pakaya, reunceumna jeung gurilpna perhiasan, kadaharan anu ngarakyat oge bisa nyugemakeun ieu hate, leuwih - leuwih nigali budak anu bungah ngabageakeun kuring anu geus datang ka imah jeung pamajikan anu pasemonna bear marahmay rasa kacape teh dadak-dumadak leungit di ganti ku kabagjaan.
(Amang Sapaat)

Ragragna Pasini Janji
Ku: Amang Sapaat

Sisi kampung handapeun pasir, di barengan angin ngahiliwir matak tiis kanu ati, jangjaluh ati nu panas ka pe'pe's ku dalingdingna angin, di dieu pisan pasini janji dibarengan pakaitna ati anu suci, anu pernah di sungsi ku dua ati, ragragna pameunteu masih karasa haneut dina dada, harewos lirih masih nali dina sanubari, anu moal luntur ku geuleubugna angin, sarenek saigel kasorang ka bale' nyungcung tetep renggenek dina sunah rosul,  sakole'pat pasini janji anu suci lengit ku geuleubugna angin, pasir nu jadi saksi di usapan ku hiliwna angin, ngilu peurih ka dua ati anu udar tali janji,  ayena tingal saksi anu sepi jempling kabawa hiliwirna angin, di dieu pisan pasini janji anu suci pamohalan ka sorang deui.
(Amang Sapaat)