Selasa, 10 Agustus 2021

SEONGGOK MATERI

Seonggok materi
Oleh: Amang Sapaat

materi dalam angan yang terbayang, tanpa peduli kasih dan sayang, membutakan mata hati mu buah kasihpun terbuang jauh,
jauh dan jauh!
kecintaan mu hanyalah materi, cinta yang tulus diselimuti materi kini membius mu, luluh lantah akibat seonggok materi,
kebahagian sirna terbuang bersama buah kasih, yang ku tunggu hayalah kasih dan sayang yang terucap dari mulut manismu,
karena seonggok materi kini mulut manis mu terkunci, mata hati mu buta,  buta kehausan,
materi dan materi!
terkunci dan terkunci!
kasih mu masih ku tunggu, semoga terwujud dengan curahan air kasih dari mulut mu yang masih terkunci,
bukan limpahan materi yang kubutuhkan, kasih sayang yang tulus yang aku rindukan.
(Amang Sapaat)
Jamparing Asih
Ku: Amang Sapaat

hirup teu neut, paeh teu hos kumalayang ngambah jomantara kieu lain kitu lain, tagiwur heunteu paruguh nu dipikir, hate ceurik maratan langit ras ku jati diri honcewang pinuh tunggara, teupung taun nu disungsi ayeuna geus pateupung, jati diri ngulisik ku ayana srikandi lahir dina hate jeung pikir nu di impleng beurang peuting, lalangse hirup anu pinuh ku tagiwur jejem jeumpling lir pangantenan, anjeun datang ngahias lalangse hirup, tunggara nu geus lila kaubaran deui, anjeun datang mentangkeun seusekeut jamparing,  jamparing  sekeut nyeuceubkeun kaasih diri.
(Amang Sapaat)


Air Mata Sejuta Arti
Karya: Amang Sapaat

air mata yang terkulai bukan tanpa arti,
membawa sejuta arti tersembunyi,
air mata yang keluar dari mata hati,
kini membawa arti pedih tanpa arti tuk kembali,

setetes air mata sejuta cerita yang terembunyi,
dalam sanu bari telah pergi,
air mata yang suci tiada arti lagi,
membawa pedih sakit di hati,

penyesalan tak akan berarti,
walau sakit,
biarlah air mata ini yang menjadi saksi
saksi sejuta arti tersembunyi.
(Amang Sapaat)

Ku Tanamkan Kestianmu
Oleh: Amang Sapaat

detik, jam, hari,  bulan, dan tahun telah aku lalui tanpa ragu, rumah tua yang menjadi saksi bisu kita, masih berrtahan kokoh,  sekokoh hatiku, walau tanpamu aku masih dapat bertahan hidup, takan kalah dengan saksi bisu kita, yang pernah merajut asa kebahagian, tak mungkin aku dapat mendapat pengganti hidup seperti mu,  aku tetap setia seperti rumah tua ini, kesetianmu tak akan tergantikan, aku masih setia dan bertahan hidup tanpa ragu, kestian yang pernah ditanamkan yang terpatri dalam hati, aku dapat bertahan walau tanpa kehadiran dirimu.
(Amang Sapaat)

Anjeun
Ku: Amang Sapaat
euweuh deui nu di pikacamcam iwal Anjeun,  anu ku kuring dipikaheman,  dipika inget beurang peuting,  anu apal kana jeuro hate kuring iwal Anjeun, anu maha welas maha asih, hate jeung tingkahlaku kuring naha can bisa mere kabagjaan anu di pikahareup ku Anjeun, sanajan Anjeun tematak rugi, sanajan kuring masih jauh anu di pikaharep ku Anjeun,  Anjeun teu weleh ngariksa ngajaring ka diri kuring, sangkan kuring aya di jalan anu hade, maha lautan hampura iwal Anjeun,  sanajan baju kuring ledok ku kokotor,  Anjeun teu weleh mere hampura,  kuring geus era ku Anjeun, sugan kuring kahareupna bisa mere kabagjaan ka Anjeun pibeukeuleun kuring balik ka hareupeun Anjeun.
(Amang Sapaat)

Tangisan bukan untuk mu
Oleh : Amang Sapaat

aku menangis bukan untuk menangisimu, aku menangis tuk melepaskan segala rasa yang menyesakkan dada, dada yang penuh penyesalan, dada yang merasakan kerinduan,  rindu yang tak berujung bertemu, temu dengan bahagia, hari demi hari aku selalu merindu,  rindu yang kuharap dapat bertemu, aku menangis bukan seorang pecundang, aku menangis membuang penyesalan,  sesal penyesak dada, tangisan ini bukan untuk mu, tuk penantian sesal berganti bahagia, tangis keras, sesal hilang, hilang tanpa bekas,  berganti bahagia,  aku menagis bukan untuk mu, dengan menangis titik temu dapat bertemu,
(Amang Sapaat)

Potong Rancatan jeung Ragragna Aisan
Ku: Amang Sapaat
Dirasakeun ku kuring kieu geuning geus potong rancatan mah aisan oge kalah ngilu morosot tina taktak teh, ngumar nafsu ngagugu amarah malah mawa kaperih batin ngajangjawing dina hulu hate mentegeug eungap keur ngarenghap.Rancatan anu nyunang keur naktak munak kuring geus potong, aisan anu di pikadeudeuh geus ragrag, jangjawing na hate geus rangsak ku nafsu amarah anu ku kuring geus di pilampah,  salah lengkah geus ngagejebrus keun kanu jurang ka sangsaraan nandangan hirup anu keur dilakonan,  roroesan leungeun,  gupayna rema geus euweuh nu malire, Anu malire ngansaukur ngaliwat bari sok ngasongkeun tamang tapi acan cukup keur hanyat kuring,  ku asa talangke, hese beleke nyieun taraje keur hanyat teh, sugan jeung sugan geus beres nyieun taraje mah kuring bisa hanyat jeung mawa deui aisan nu geus ragrag. Sanajan keur aya di hanap jungkrang dibarengan engapna renghap, geujedna lengkah sugan jeung sugan taraje anu ku kuring dijieun gancang beres,  ku hayang deui ngais aisan anu geus ragrag. Aisan anu lamokot ku leutak ka baseuhan cai panyaweran anu geus ragrag sugan jeung sugan bisa ka bawa deui dibarengan ku beresna taraje anu keur  dibeberes ku kuring. Hawa nafsu nu pernah diumar sugan jeung sugan leungit ku aisan anu bisa diais deui. Aisan anu geus lamokot leutak, jibreg ku cai panyaweran sugan jeung sugan bisa mawa deui kabagjaan hate, pangganti rancatan nu geus potong anu moal bisa diharepkeun deui iwal do'a anu bakal mawa ka hadean ka rancatan anu geus potong.
(Amang Sapaat)