Senin, 04 Juni 2018

PUISI BANGBALUH HIRUP

Bangbaluh Hirup
Ku:Amang Sapaat

Bangbaluh hate can puput
Kitu deui lipur
Anu nyimutan sakujur
Sakujur awak anu layu

Sakabeh ngadeukeut
Dibarengan ku kapalsu
Hese nyempilkeun kadeudeuh
Nu aya malah ka usik ti susuk

Ti susuk ku bangbaluh nu teu puguh
Tagiwur marojengja beuki kusut
Anu moal bisa ka buka ku panglipur
Panglipur lara malah jadi mamala hirup

Kahayang hate malah ngajauh
Jawaban nu teu puguh
Ngan bisa jadi bangbaluh
Bangbaluh nu teu puguh

Bangbaluh ngan ukur jadi ngagayuh
Ngagayuh hirup
Nu teupuguh
Pikeun muka lalangse hirup
(Amang Sapaat)

GEBRAY HATE MALIK POEK

Gebray Hate Malik Poek
ku: Amang Sapaat

Burubutna hujan gede
Lir ibarat ragragna hate
Hate nu ngagebray jadi poek
Murubut minuhan lalangse

Hate nu rek cengkat kalah sare
Kapupul banyu kaparende
Kaparende ku mangsa nu hare-hare
Laku lampah malah teu hade

Mangsa katukang pinuh ku kahade
Melitkeun kahemanna hate
Hate nu beuki geugeut ku ngagebrayna poe
Poe harita nu pinuh ku kaheman hate

Lalangse nu beki poek
Karasa nyebitna kanu hulu hate
Bruybrayna kaheman lalangse
Balik malar jadi poek

Harewos jadi mamaos

Harewos nu jadi mamaos
ku: Amang Sapaat

Paos karaos nu tangtos
Sanaos carios anu raos
Raosna kalayan mamaos
Mamaos na manah nu can tangtos
Ray renghapna cahaya malah teu tangtos
Ka simut ku manisna mamaos
Mamaos anu teu tangtos
Malah moal ka gentos
Sanaos di antos - antos
Di emut beki karaos
Di lenyepan mamaos
Beuki teu buktos
Ka buktos jadi pusplos
Teu puguh nu di antos
Kasimut ku waktos
Waktos nu teu tangtos

TETEG MANAH TEU NGABUKUR

Teteg manah teu ngabukur
ku: Amang Sapaat

Tetegna manah
Renghapna cahaya
Supados carios raos
Malar ngancik ku teu tangtos
Tangtosna mamanis
Mamanis jadi kapait
Mamaos nu can tangtos
Ngajadi pagunem teu ngabuktos
Pagunem nu pinuh ku pangharep
Pangharep nu ngabungkem
Sakujur teu ngabukur
Sakur bisa ngukur
Ngukur panghareupan
Diarep-arep ngerelep
Ilang teu ngabukur

Puisi Kecewa oleh Amang Sapaat

Kecewa
Oleh: Amang Sapaat

Kecewa hati ku luluh lantah
Bersemayam kegelisahan
Hancur ku rasa
Penuh kecewa

Waktu yang telah di dapat
Begitu susah
Sakitnya raga tak kurasa
Demi sebuah perjuangan

Kini yang kudapat hanya kecewa
Hancur dengan sebuah ilalang
Berduri tajam dan busuk
Kemunapikan dapat menghancurkan

Ingat...
Racun...
Racun mebius
Membius menghancurkan

Ilalang tak peduli
Tak peduli semua hancur
Demi keserakahan
Keserakahan yang nyata

Ingat...
Ingat...
Waspada ilalang tajam
Racun membius

SUCI JATI DIRI

Sucinya Sebuah Jati Diri
oleh: Amang Sapaat

Teguhnya hati membawa bahagia
Serasa sesak dada tak ku rasa
Walau se-cercah cahaya
Tak kunjung tiba
Waktu terus berlalu
Yang kulalui hanya sebuah waktu
Waktu yang berdetak terus
Mengiringi langkah di kalbu
Hari pun kian menjelang
Datang penuh harap
Secercah harap sedikit tiba
Membawa bisik-bisik bahagia
Kini cercah harapan mulai bersemi
Menuju langkah kedepan yang pasti
Kalbu kian menepi
Menepi menuju jati diri
Hidup kehidupan yang tak pasti
Menjadi pasti
Penuh kepastian
Yang kuhadapi
Tanpa basa-basi
Itulah jati diri yang sungguh suci