Senin, 04 Juni 2018

PUISI BANGBALUH HIRUP

Bangbaluh Hirup
Ku:Amang Sapaat

Bangbaluh hate can puput
Kitu deui lipur
Anu nyimutan sakujur
Sakujur awak anu layu

Sakabeh ngadeukeut
Dibarengan ku kapalsu
Hese nyempilkeun kadeudeuh
Nu aya malah ka usik ti susuk

Ti susuk ku bangbaluh nu teu puguh
Tagiwur marojengja beuki kusut
Anu moal bisa ka buka ku panglipur
Panglipur lara malah jadi mamala hirup

Kahayang hate malah ngajauh
Jawaban nu teu puguh
Ngan bisa jadi bangbaluh
Bangbaluh nu teu puguh

Bangbaluh ngan ukur jadi ngagayuh
Ngagayuh hirup
Nu teupuguh
Pikeun muka lalangse hirup
(Amang Sapaat)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar