Jumat, 31 Agustus 2018

HANJELU

         Hanjelu
                                        Ku: Amang Sapaat

Legok tapak genteng kadek
Leuleus jeujeur liat tali
dibeuweung diutahkeun
ngeunteung awak sakujur

aral subaha matak cilaka
kaciwit kulit kabawa daging
panon nenjo buta rajin
kaduhung moal ti heula

kudu sasarnya lampah
amis ku amisna
kareueut ku rasana
kabita ku rupana

tibelat mawa sangsara
kaduhung taya sudana
kapepes dipapalerkeun
beurat tumiba mawa rereged

#papaes di tengah peuting#

Tidak ada komentar:

Posting Komentar