Jumat, 31 Agustus 2018

Muka saeutik

Muka Saeutik
                         Ku; Amang Sapaat
Bray hate muka
muka sanajan saeutik
ngeunah karasa
karasa sanajan saeutik

komo lamun muka
muka pinuh ku kabungah
adeum, tengtrem
tengtremna ka caang

caang kasilig ku papaes
papaes ati ku ka bungah
tiis lir ka pepes banyu
banyu ka ngenah

sumoreang ka ganti ku endahna
endah cahaya hate
nu kungsi karandapan
bruybray nembongan

ratug tugenah ka genti
pinuh ku kanyaah
breh nembongan
nembongan sanajan saeutik

saeutik nu mawa nikmat
nikmat na ieu hate
hate leutik
sanajan saeutik


Tidak ada komentar:

Posting Komentar