Senin, 04 Juni 2018

GEBRAY HATE MALIK POEK

Gebray Hate Malik Poek
ku: Amang Sapaat

Burubutna hujan gede
Lir ibarat ragragna hate
Hate nu ngagebray jadi poek
Murubut minuhan lalangse

Hate nu rek cengkat kalah sare
Kapupul banyu kaparende
Kaparende ku mangsa nu hare-hare
Laku lampah malah teu hade

Mangsa katukang pinuh ku kahade
Melitkeun kahemanna hate
Hate nu beuki geugeut ku ngagebrayna poe
Poe harita nu pinuh ku kaheman hate

Lalangse nu beki poek
Karasa nyebitna kanu hulu hate
Bruybrayna kaheman lalangse
Balik malar jadi poek

Tidak ada komentar:

Posting Komentar