Jumat, 01 Februari 2019

KABAGJA GEUS KAPANGGIH


Kabagja Geus Kapanggih
Ku: Amang Sapaat

Kabagja pinuh ku tresna hirup
Anu ditunguan gebray datang
Pinuh ku bagja anu moal kasilih
Kasilih ku kaperih

Ayeuna karasa tumaninahna
Hate kaperih
Ngjangjawing ati
Saeutik luntur

Rembayna cimata
Minuhan kongkolak mata
Ngeclak sabumi
Jadi mutiara bagja

Ngetrokan kaperih
Geus moal dipalire
Neukteuk leukeur
Melah jantung

Mugia Allah
Nangtayungan hirup
Sumujud syukur
Moal aya kendatna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar