Jumat, 01 Februari 2019

CAI KADEUDEUH

Cai Kadeudeh
Ku: Amang Sapaat

Cur hujan ngucur
Masehan alam sabudeur
Nyiprat cai kadeudeuh


Kadeudeuh tinu ngageugeuh

Dunya nu geus heubeul guyang
Guyang ku panon poe anu panas
Halabhab ku hanaang
Hanaang ngucurna katresna

Kiwari miteumbeyan
Sakabeh makhluk nguliat
Nguliat nyambut ku kabungah
Kabungah datangna kahirupan

Sakabeh kahirupan anu hirup
Nyambut ku rasa kadeudeuh
Datangna cai kadeudeuh
Tinu ngageugeuh

Tamplok ku rasa syukur
Sumujud kanu maha Gopur
Mugia datangna banyu
Jadi kaheman tinu maha Gopur
Aamiin,,,🙏

Tidak ada komentar:

Posting Komentar