Jumat, 01 Februari 2019

SOLAWAT DIRI


Solawat Diri
Ku: Amang Sapaat

Solawat ngagerihan batin
Lir hinis nyiksik ati
Ati nu kabulen kupanyakit
Panyakit ati nu dibawa tileuleutik

Hirup di dunya ngan saeutik
Sanajan ngumbara tileuleutik
Amal ibadah bawaeun can kapeutik
Ngan saukur jadi kapait

Peuting jeumplang jeumpling
Ngimpleung keur bekel balik
Nu acan kaala jeung kapetik
Sumegruk ceurik

Bawaeun can kapimilik
Hamo rebomah jauh ku kapimilIk
Kieu ayana panyakit
Nu aya hanjeuluna ati

Mugia kuring balik
Balik ku rebona milik
Milik nu baris jadi ka bagja ati
Beukeul nu moal kasisikudi

Mugia solawat diri ieu maparin
Maparinan jati diri nu moal lami
Nu bakal balik
Balik ka Gusti Nu Maha Suci
(Amang Sapaat)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar